Guguritan
1. Wangenan
Guguritan dina
sastra sunda nyaeta karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok ditulisna dumasar
kana patokan pupuh. Kecap wangun didieu the jadi ciri utama pikeun ngabedakeun
guguritan jeung wawacan.
2. Pupuh
Pupuh teh
mangrupa ugeran (puisi) anu kauger ku guru wilangan jeung guru lagu.
3. Watek
Pupuh
-
Asmarandana :
Ngagambarkeun rasa kadeudeuh, kaasih sareng kanyaah.
-
Balakbak :
Ngagambarkeun hereuy atanapi banyol tapi bari sopan.
-
Dangdanggula :
Ngagambarkeun kabungahan sareng kasugeman.
-
Durma :
Ngagambarkeun nu gede harepan.
-
Gambuh :
Ngagambarkeun kanyeri, kasusah oge kasedih.
-
Gurisa :
Ngagambarkeun jelema anu ngalamun atanapi malaweng.
-
Juru demung :
Ngagambarkeun nu bingung kana kalakuan sorangan.
-
Kinanti :
Ngagambarkeun nungguan bari pinuh pangharep sareng kanyaah.
-
Ladrang :
Ngagambarkeun nu resep banyol bari nyidiran.
-
Lambang :
Ngagambarkeun nu banyol tapi banyol anu aya pikiraneunnana.
-
Magatru :
Ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan.
-
Maskumambang :
Ngagambarkeun nu kalanangsaan, sedih bari ngenes hate.
-
MIjil :
Ngagambarkeun nu kasedih tapi bari gede harepan.
-
Pangkur :
Ngagambarkeun nu ambek kapegung nyanghareupan tugas nu beurat.
-
Pucung :
Ngagambarkeun nu ambek ka diri sorangan.
-
Sinom :
Ngagambarkeun nu ngarasakeun kabungahan, kadeudeuh ku sumanget.
-
Wirangrong : Ngagambarkeun nu kawiwirangan,
era ku polah sorangan.
4. Guru
Lagu Jeung Guru Wilangan Pupuh
-
Asmarandana :
8i, 8a, 8o/e, 8i/a, 7i/a, 8u, 8a.
-
Balakbak :
12+3e, 12+3e, 12+3e.
-
Dangdanggula :
10i, 10a, 8e/o, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i, 7a.
-
Durma :
12a, 7i, 6a, 7a, 6u, 8a, 12i.
-
Gambuh :
8u, 8u, 8i, 7a, 8a/u, 8a/o.
-
Gurisa :
8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, (+8a,8a).
-
Juru demung :
8a, 8u, 6i, 8a, 8u.
-
Kinanti :
8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 8i.
-
Ladrang :
10i, 4a, 8i,12a.
-
Lambang :
8a, 8a, 8a, 8a.
-
Magatru :
12u, 8i, 8u, 8i, 8o.
-
Maskumambang :
12i, 6a, 8i, 8a.
-
MIjil :
10i, 6o, 10e, 10i, 6i, 6u.
-
Pangkur :
8a, 12i, 8u, 7a, 12u, 8a, 8i.
-
Pucung :
12u, 6a, 8e/o, 12a.
-
Sinom :
8a, 8i, 8a, 8i, 7i, 8u, 7a, 8i, 12a.
-
Wirangrong : 8i, 8o, 8u, 8i, 8a, 8a.
nuhun tos nyempetkeun nembang elmu di blog abdi
Comments
Post a Comment
Must Polite