Carita Pondok



1.       Wangenan

Carita pondok teh nyaeta carita karangan rekaan (fiksi) anu wangunna pondok sarta ngan ukur ngasongkeun hiji peristiwa, carpon umumna nyaritakeun hal-hal anu sifatna realistis.

2.       Unsur-unsur Carita Pondok

Intrinsik:

-          Tema atawa jejer carita nyaeta gagasan pokok anu jadi dadasar pikeun pangarang dina nyusun caritana.

-          Galur atawa plot nyaeta runtuyan kajadian anu miboga hubungan sebab akibat.

-          Latar atawa setting mangrupakeun kaayaan tempat, waktu jeung kajadian dina eta carita.

-          Panokohan, nyaeta cara pangarang ngembangkeun tokoh-tokoh jeung watak-watakna dina carita.

-          Amanat, mangrupakeun pesen anu didugikeun ku pangarang dina eta carita.

Ekstrinsik:

-          Nilai agama, nilai budaya, nilai moral, kaayaan politik, kaayaan sosial, agama anu dianut oge latar belakang pengarang,

3.       Ciri-ciri Carita Pondok

-          Bisa rengse dibaca sakali mangsa.

-          Alurna teu kompleks.

-          Museur kana hiji kajadian.

-          Carita karangan/rekaan (fiksi).

-          Biasana nyaritakeun hal-hal anu sifatna realistis.

-          Mere kesan lir enya-enya kajadian.

4.       Kamekaran Carita Pondok

Carita pondok asli asalna tina anekdot, hiji kaayaan anu digambarkeun singgeut anu kalawan gancang ancog kana tujuanna, contona illiad jeung odyssey karya Homer, kalawan mecenghulna novel anu realistis, carita pondok mekar minangka hiji miniatur, dina masa-masa kamerdekaan permintaan kana carita pondok ti surat-surat kabar ningkat nika ayeuna loba pangarang-pangarang bebas anu berekspresi jeung turut serta ngamekarkeun carita pondok nika ayeuna.

5.       Conto Buku Kumpulan Carita Pondok

-          Dog-dog pangerewong (G.S).

-          Carita biasa (Rahmatullah Ading Affandi).

-          Papacangan (Rusman Sutrasumarga).

-          Hujan munggaran (Ayatrohaedi).

-          Neangan (Sadiasma Wiranta).

-          Basisir langit (Surachman R.M).

-          Carecet sulam (Sargani).

-          Demi Pasukan (Enoh & Djadja).

-          Eulis Acih (Yuhana).

-          Genjlong Garut (Muhammad Sanusi).

nuhun tus nyempetkeun nembang elmu di blog abdi

Comments

Popular posts from this blog

Basic Block on MCPE ( Minecraft Pocket Edition )