Carita Wayang


1.       Wangenan
Carita wayang nyaeta carita anu sok dilakonkeun dina pagelaran wayang, carita wayang oge kana karya sastra wangun prosa.
2.       Unsur-unsur Carita Wayang
Intrinsik:
-          Tema atawa jejer carita nyaeta gagasan pokok anu jadi dadasar pikeun pangarang dina nyususn carita
-          Galur atawa plot mangrupakeun runtuyan kajadian nu miboga hubungan sabab akibat
-          Latar atawa setting mangrupakeun tempat, waktu jeung kaayaan kajadian dina eta carita
-          Panokohan nyaeta cara pangarang dina ngagambarkeun jeung ngembangkeun watak tokoh-tokoh dina cerita
Ekstrinsik:
-          Nilai budaya, pelajaran, agama anu dianut, kondisi politik jeung kondisi sosial

3.       Unsur-unsur Pagelaran Wayang
-          Murwa, mangrupakeun suluk bubuka pegelaran anu dilagukeun ku ki dalang dina mimiti caritana
-          Nyandra, hartina pedaran carita anu mangrupa janturan jeung pacopan, janturan mangrupa basa prosa dalang pikeun nyaritakeun hiji jejer adegan
-          Antawacana, nyaeta caturan wayang dina adegan, sarua jiga dialog pedah diucapkeun ku ki dalang sorangan
-          Rumpaka, mangrupa kakawih anu biasa dihaleungkeun ku juru kawih jeung ku alok, aya oge rumpaka dalang nyaeta kakawih anu dipake ku ki dalang dina bodoran
-          Sora, mangrupa aukan, aduhan, lalaran oge onomatopia, sora dina pagelaran carita wayang leuwih rame kulantaran dipiring ku gamelan
-          Carita, nyaeta gambaran dina keseluruhan carita
4.       Jenis carita wayang
-          Mahabrata jeung Ramayana
5.       Perbedaan Carita Wayang India Jeung Indonesia
India: caritana asli (turun temurun), nepikeun ajaran agama hindu, nyaritakeun carita dewa2 hindu
Indonesia: isi caritana nyaeta syiar, tokoh2 wayangna gambaran tina rukun islam, diubah ku walisongo, wayangna mangrupa wayang golek
6.       Ciri-ciri Carita Wayang Golek
-          Diperagakeun ku wayang golek
-          Dialog jeung monolog na dilakukeun ku ki dalang
-          Aya unsur bodoranna
-          Dipiring ku sora gamelan
7.       Judul-judul Wayang Golek Alm. Sunandar Sunarya
-          Kumbakarna gugur
-          Kresna murka
-          Cepot kembar
-          Bayusuta pawana
-          Trijaya sakti
-          Dawala jadi raja
-          Jabang tutuka
-          Semar gugat
-          Wahyu sutraningrat
-          Cepot cawokah
-          Arimbi ngedeng ratu
-          Arjuna putra
-          Bima murka
-          Cepot da’wah
-          Amar sakti
-          Budak buncir
-          Rama bergawa mukswa
-          Sobali pejah
-          Dorna gugur
-          Sang hyang danar wilis
-          Sang hyang dewa brata
-          Pancawala lahir
-          Sang hyang tunggal wibawa
-          Kitab sastra jendra rahayu
-          Dewi nila ningram
-          Lalakon pandawa lima
8.       Conto Tokoh-tokoh Wayang
-          Mahabrata  : Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula, Sadewa, Duryodhana, Desharata, Pandu, Gatot Kaca, Eyang Dorna
-          Ramayana   : Rama, Sinta, Hanoman

Nuhun tos nyempetkeun maca blog abdi...
Instagram  : @sholahuddin_ayyub
YouTube   : Sholahuddin Ayyub



Comments

Popular posts from this blog

Basic Block on MCPE ( Minecraft Pocket Edition )